|

.:: MEJAPIKET
::.
Teu ari ku balas nunggu waktu
Nyumponan menit ka menit
Lieuk jeung reret ka sakuliling bungking
Jam dingging mah di tukang
Mun geus panceg nya mangsana
Asup atawa kaluar
Ti bel ka bel
Ngurinling mapay kahirupan
Aya awal, nya tangtu aya panganggeusan
Ah, telepon teu ngarti
Bet nyelang
Mangsa mumul diinterupsi
Teu ari ku balas ngotret
Sakotretan aksara sakti
Mere jalan pikeun kaluar atawa asup kana kahirupan
Padahal ngan saukur formalitas
Beh dituna pupulasan
Formalitas ngajadi udagan
Basa-basi jadi ciri
Teu paduli harga diri
Nu penting boga gengsi
Sok sanajan henteu pasti
Nya kitu meureun hirup
Tinggal nunggu waktu
Ngecagkeun lalakon nu geus kadalon-dalon
***
06 Pebruari 2008
Sajak Sunda Bang Toyib (rerencangan
ti Leles Garut)
POST A COMMENT | VIEW COMMENT
|