|

.::
PANGHAREPAN
::.
Galindeng peuting
Ngahudang harepan
Mangsa langit ngaburakeun caya:
Ti bentang jeung purnama
Asa teu cangcaya,
Pangahrepan bet atra
Asa geus mangsana, ngan hanjakal
Can wakca ka purnama
Ka asih bet asa jauh
Paanggang jeung katresna,
Na bentang bet nembongan
Padahal bulan jauh ti lemah
Teu walakaya.
Harepan teu weleh aya
Mugia kacatet dina imeutan salira
Pikeun hidep,
Adi nu dipitresna
***
21 Pebruari 2008
Sajak Sunda Bang Toyib (rerencangan
ti Leles Garut)
POST A COMMENT | VIEW COMMENT
|